Tahun 2019 Kabupaten Bandung Bebas Lahan Kumuh

SALAH sahiji pagawean nu kiwari keur ditarekahan ku Pamarentah Kabupaten Bandung, diantarana ngungkulan lahan kumuh lu legana ± 91,83 Ha. Nyanghareupan pagawean samodel kitu jigana teu susah-susah teuing, sok sanajan kaitung teu gampang.

Sabab lahan kumuh nu keur diungkulan teh sumebar di sababaraha tempat. Kayaning disabudeureun tempat kabanjiran, pertanian, padumukan warga, industri oge di sabudeureun kawasan perdagangan.

Kepala Dinas Perumahan, Penataan Ruang & Kebersihan (Dispertasih) Kabupaten Bandung Ir. Erwin Rinaldi netelakeun, lahan kumuh nyampak di 13 Kacamatan. Diantarana Kacamatan Baleendah, Bojongsoang, Cikancung, Margaasih, Cileunyi, Majalaya, Banjaran, Margahayu, Rancaekek, Cicalengka, Katapang, Soreang jeung Kacamatan Dayeuhkolot.

Ceuk Erwin, lahan kumuh nu legana 91,83 Ha teh nu kaasup lahan kumuh tinggi kurang leuwih 35,36 Ha, sesana mah kaasup lahan kumuh sedang teu kurang ti 56,47 Ha. Wewengkon padumukan warga bisa disebut kumuh lamun teu ngabogaan jalan, walungan, walurat cai nginum, runtah dipiceun kamana wae, teu aya solokan pikeun ngamalirkeun cai, pon kitu deui kaayaan imah warga teu nyumponan sarat kasehatan.

"Bumi anu teu ngagaduhan ventilasi, teu aya jandela, teu gaduh MCK katut lante bumi tina taneuh, tos kalebet bumi nu teu sehat disebatna Rumah Tidak Layak Huni (Rutilahu)," tandes Erwin Rinaldi.

Jumlah Rutilahu di Kabupaten Bandung nepi ka pertengahan taun 2015, kurang leuwih 20.000 unit. Tarekah Pemkab Bandung pikeun ngomean Rutilahu salila taun 2015 lobana 545 unit. Gedena waragad pikeun ngomean imah kurang leuwih Rp 4 miliar nu diancokeun tina APBD Kab. Bandung taun 2015.

"Sadesa kabagean ngomean 5 unit, biayana hiji imah Rp 7,7 juta, tapi teu dipasihkeun artosna, namung dipasrahkeun material bangunan," ceuk Erwin. Sok sanajan teu kaasup pagawean gampang, tapi Bupati Bandung H. Dadang M. Naser, SH., M.IP boga kayakinan taun 2019 Kabupaten Bandung kudu bebas tina lahan kumuh.

"Ku kituna sim kuring meredih ka sakumna dinas anu pakait jeung tugas eta, sangkan buru-buru ngayakeun pendataan ulang ti ngawitan jumlah penduduk, karakter lokal sareng status lahan anu bade diomean kedah pasti," saur H. Dadang M. Naser nu katelah Kang DN.

Harepan kang DN sangkan Kabupaten Bandung bebas tina kawasan kumuh taun 2019, jigana bakal kahontal. Sabab modal pikeun ngomeanana tos nyampak. Diantarana ngaliwatan dana P2KP (Program Peningkatan Kualitas Permukiman) taun 2015 nu gedena Rp 20,3 miliar ti APBN ditambah Rp 2,5 miliar dana pendamping ti APBD Kabupaten Bandung.

Salian dana P2KP, aya deui dana PLP-BK (Penataan Lingkungan Permukiman-Berbasis Komunitas) anu gedena Rp 7 miliar, ditambah Rp 3,5 miliar ti APBD Kabupaten Bandung. Sedengkeun tina dana PPMK (Peningkatan Penghidupan Masyarakat Berbasis Komunitas) aya waragad nu gedena Rp 4 miliar.

Lamun diukur timimiti taun 2007-2014, jumlah BLM (Bantuan Langsung Masyarakat) pikeun ngurus lingkungan kumuh di Kabupaten Bandung kurang leuwih Rp 224,5 milyar. Duit nu sakitu gedena teh nu asalna ti APBN, APBD Kabupaten Bandung jeung swadaya masyarakat.

"Tanaga masyarakat nu ngiring aub kana kagiatan eta, upami diperhetangkeun kana artos kawilang ageung, kirang langkung Rp 106,6 miliar. Ieu teh salah sahiji buktos yen progam Sabilulungan di Kabupaten Bandung, masih keneh nerap di kalangan masyarakat," saur kang DN.

Ketua DPRD Kabupaten Bandung Ir. H. Anang Susanto nyebutkeun satuju pisan kana program Pemkab Bandung dina ngawujudkeun Kabupaten Bandung bebas kawasan kumuh. "Salaku legislatif, sim kuring tara ngahesekeun saupami pihak eksekutif ngajengkeun anggaran kanggo pengentasan kawasan kumuh, dilancarkeun tara aya patarosan nu sesah-sesah," saurna teh.



Sumber : Press Release Humas Setda Kabupaten Bandung